B. Daerah

Pertanyaan

Cara membuat dodol ngagunaken basa sunda

1 Jawaban

  • Bahan-Bahan Pikeun Nyieun Dodol Garut
    Bahan-bahan nu diperlukeun pikeun nyieun dodol garut :
    1) tipung ketan 16-17 kg, 
    2) tarigu 1 kg, 
    3) Gula pasir 30 kg, 
    4) Lemak sapi saperluna wae
    5) Mentega saperluna 
    6) Pewarna makanan (saperluna), 
    7) Bubuk coklat (mun perlu), 
    8) Kelapa 25 hulu (dijieun cipati nu kentel jeung nu encer).

    Cara Nyieun Dodol Garut
    1. Cipati kentel dimasak di jero wajan gede nepi ka ngagolak saheng.
    2. Adonan tipung nu geus dicampur jeung cipati encer diasupkeun kana 
    wajan.
    3. Aduk terus nepi ka 80 persen asak, mun perlu diletak dicobian.
    4. Asupkeun gula, bari diaduk terus.
    5. Asupkeun lemak sapi, bari diaduk terus.
    6. Asupkeun penyedap coklat/pewarna mun diperlukeun, karek diaduk terus 
    nepi ka asak 100 persen.
    7. Angkat ti kompor, asupkeun kana jero loyang-loyang nu geus disiapkeun 
    saacanna. Ditiiskeun diantep nepi ka sapoe sapeuting.
    8. Poe isukanna, dodol siap dipotong-potong tur dibungkus. 

Pertanyaan Lainnya