Larapkan kecap kecap dihandap ieu kana kalimah! Aduh! Hore! Alah ieu! Mangga! Wilujeng! Ah! Euleuh! Hayu! Iy! Hatur nuhun!
Pertanyaan
Aduh!
Hore!
Alah ieu!
Mangga!
Wilujeng!
Ah!
Euleuh!
Hayu!
Iy!
Hatur nuhun!
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Hal penting anu kudu diperhatikeun dina ngalarakpeun kecap kana kalimah nyaeta salian ragam basa anu digunakeun kudu merenah, tarik launna sora, luhur handapna sora jeung penjiwaan anu merenah kudu kagambarkeun sacara merenah, sabab kalimah anu kudu dijieun teh nayeta mangrupa kalimah langsung, siga dina paguneman. .
Pembahasan
Dina basa Sunda aya dua ragam basa Sunda nyaeta anu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Kecap kecap di luhur umumna bisa ngagunakeun ragam basa hormat atawa ragam basa loma. Di handap ieu nyaeta conto kalimah anu ngagunakeun kecap kecap anu disebutkeun ngagunakeun ragam basa hormat / lemes atawa ragam basa loma:
- Aduh!, upami kamari mah Akang teh sumpingna, motor teh kamari sonten tos diical mirah pisan!
- Hore!, kuring jadi juara kelas!
- Alah ieu!, kumaha nya, ayeuna pisan kuring kudu balik ka imah, ceunah aya nu rek mere motor, tapi ieu pagawean can anggeus.
- Mangga!, lajeungkeun tuangna, sing kenging, ngiring raos lah!
- Wilujeng!, ngiring bingah wirehna tuang putra parantos lulus kuliahna
- Ah!, aya-aya wae maneh mah, ceunah kuring kudu gancang balik ka imah, tapi ayeuna dititahh balik deui ka kantor
- Euleuh!, eta nyandak kadu teh meni arageung kitu, kanggo dikintun ka mana Kang?
- Hayu!, kuring mah siap rek indit ka gunung Galunggung ayeuna oge!
- Iy!, maneh mah jorok, maenya eta piring keur dahar dikumbah ku cai kotor!
- Hatur nuhun!, eta masihan cacandakan teh meni sagalarupi pisan, mugi sing kagentosan deui, aamiin.
Pelajari lebih lanjut
- Definisi paguneman dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/712649
- Manfaat paguneman https://brainly.co.id/tugas/7146957
- Contoh paguneman bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/692067
__________
Detil Jawaban
Kelas : VII
Mapel : Bahasa Sunda - Paguneman
Bab : 1
Kode : 7.13.1
Kata Kunci : Ngalarakpeun kecap kana kalimah