B. Daerah

Pertanyaan

naon nu dimaksud pupuh?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Aya anu nyebut yen pupuh teh nyaeta salahsahiji rupa karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi anu kaiket ku aturan atawa patokan. Sanajan eta definisi teh bisa bener oge, tapi anu sabenerna atawa anu kanyataannana, pupuh teh nyaeta aturan atawa patokan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda, saperti dina guguritan atawa wawacan.

    Hartina, guguritan jeung wawacan nyaeta karya sastra dina wangun puisi anu kaiket ku aturan pupuh. Aturan anu aya dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina hiji padalisan pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora tungtung engang anu aya dina hiji padalisan pupuh. Unggal pupuh, salian ti miboga guru wilangan jeung guru lagu anu beda-beda, oge miboga watek atawa karakteristik sewang-sewangan.

    Aya 17 rupa pupuh anu dibagi jadi dua kelompok, nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa patokan pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa patokan pupuh.

    Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, mantra, guguritan, pupujian, sajak jeung kakawihan.

    Umpama ditilik tina wangun eusina, saperti disebutkeun di luhur, wawacan eusina mangrupa carita sedengkeun guguritan eusina henteu mangrupa carita, padahal wawacan jeung guguritan sarua mangrupa puisi Sunda anu kaiket ku aturan pupuh. Jadi, eusi pupuh teh henteu bisa ditangtukeun naha mangrupa carita atawa henteu. Kusabab kitu, definisi anu leuwih tepat teh pupuh lain mangrupa salahsahiji rupa puisi Sunda, tapi pupuh nyaeta aturan atawa patokan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. 

Pertanyaan Lainnya