eusi jampe budak hareeng
B. Daerah
shaza1192
Pertanyaan
eusi jampe budak hareeng
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Jampe teh nyaeta salahsahiji rupa mantra. Umpama dina sastra Sunda, mantra teh kaasupna kana karya satra wangun ugeran atawa puisi. Ditilik tina eusi rumpakana, aya puisi Sunda anu eusina mangrupa carita jeung puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti mantra, sisindiran, guguritan, jeung sajak.
Mantra dianggap ngabogaan kakuatan gaib anu henteu bisa dipake sagawayah. Aya sawatara rupa mantra nyaeta jangjawokan, asihan, ajian, singlar, jampe jeung rajah. Jampe biasana digunakeun atawa dibacakeun pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kasakit, kanyeri atawa kacilakaan. Salahsahiji conto jampe nyaeta saperti jampe budak hareeng, nyaeta jampe pikeun ngaleungitkeun hareeng. Eusi jampe budak hareeng nyaeta:
hung,, ahung,,,
tiis batan cau kole di ala ku odeng odeng
ceup tiis 3x