Naon sebabnya pedaran ngeunaan budaya umumna ngeunaan basa kesenian jeung adat istiadat
B. Daerah
salsabilafn
Pertanyaan
Naon sebabnya pedaran ngeunaan budaya umumna ngeunaan basa kesenian jeung adat istiadat
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Pedaran ngeunaan budaya umumna ngeunaa basa, kasenian jeung adat istiadat, sabab ari anu disebut budaya teh nyaeta memang sakabeh aspek anu aya patalina jeung kahirupan manusa sapopoe, nyaeta anu aya patalina jeung basana, senina, adat istiadat atawa anu jadi kabiasaannana.
Kitu oge dina budaya Sunda, dina widang bahasa anu utama dibahas nyaeta anu aya patalina jeung Tatakrama Basa Sunda, rupa-rupa karya sastra anu aya, sastra oge bisa kaasup kana widang basa atawa seni. Dina widang seni, aya sawatara seni Sunda anu bisa dijadikeun bahasan. Sedengkeun dina adat istiadat atawa kabiasaan urang Sunda, nepi ka kiwari masih aya adat istiadat anu dipertahakeun.